ASTANA DALEM
Da ampir unggal jumaah atuh aprak-aprakan di Astana Dalem teh, najan
ceuk batur minculak, ulin sosorangan di tempat sanget, uing mah angger bae
resep, najan gawe ngan
mulungan kalapa jenggi keur kongkorong kaulinan. Mun teu kitu ngadon nirukan
daun katapang, keur nyieun paparahuan, abringkeuneun di walungan Ciputri,
marengan parahu tapas meunang ngarerab, sok ngebul, haseupna sok hayangeun
ditutur-tutur. Kalan-kalan tepi ka situ Panganten ngabringkeun parahu tapas
jeung daun katapang teh. Cacak sorangan, teuing da bet ludeung, jeung resep
deuih, sakitu babaturan di lembur mah taya nu waranieun, tong boro-boro
sorangan, diarajakan oge sok arembungeun. Pajarkeun teh Dalem Sawidak nu
ngageugeuhna Astana sok ngajirim bari nungtun singa kajajaden nu mindah rupa
ti Sembah Dalem Singaparna. Ceunah eta oge. Uing mah teu pati percaya ieuh.
Mun
keur usum ngangler tepi ka anyar tandur mah, biasana memeh ka astana teh sok
ngurek heula. Urekna meunang nyieun sorangan, eta geuning, kenur paranti
langlayangan, dijieun tilu pantengan, tuluy di gantung, handapna di talian
ku batu, puhuna make useup urek meunang meuli ti Mang Komar nu huntuna
pohang urang Legok Apu, tah batu teh diputer-puter tiluannana piligenti,
geus kitu tuluy dihijikeun bari ditalian lebah batuna. Tingperengkel we eta
kenur teh. Resep keur kituna tah. Ujug-ujug jadi be urek teh.
Mun
ngurek, karesep teh di sawah Abah Udi, kitu uing bisa nyebutna, padahal eta
sawah teg bobogaan Haji Suherlan. Abah Udi mah nu merteluna. Tapi da geus
lumrah nyebut teh sawah Abah Udi. Da atuh lain bohong di eta sawah mah, lian
ti meunang belut teh sok katambahan ku cau manggala atawa nangka walanda.
Bongan ku Bah Udi teu diala-ala bae, tinimbang ku cocodot, meunding dipaok
ku uing, tuluy dipeuyeum di Astana Dalem. Lah, mun Bah Udi nanyakeun mah,
dijawab ku kecap ‘teuing’ oge, cukup. Paling paling ngawakwak nyarekan
kamana karep. Ku uing mah dijebian oge sok kalah boseneun.
Balik
ngurek, kakarek ka Astana Dalem, mun meunang belut mah, jaba ti murak cau
manggala atawa nangka walanda meunang meuyeum, sok bari meuleum belut,
teuing da ojol-ojol boga ide meuleum belut dina tapas meunang ngarerab,
belutna tinggal neundeun bae dina tapas ruhay, tuluy tapasna ditiupan,
seungit teh, dibulak balik, diambungan deui, ah, teuing asak teuing hanteu,
pokona mah karasana teh ngeunah bae. Cacakan ditambul eta the, komo mun make
sangu pulen meunang Ema mah. Ah pedo pisan meureun.
Tah
ide nu ka dua nu bijil teh, nyaeta basa miceun tapas urut meuleum belut. Da
ujug-ujug hayang ngalungkeun ka walungan Ciputri, nu caina herang, jaba iuh,
jeung loba batu paranti ajlok-ajlokan, jadi teu kudu babaseuhan. Da tapas
teh atuh siga nu betah ngangkleung di walungan Ciputri mah. Ah, geuning
nyaan endah nempo tapas angkleung-angkleungan teh, hasepna ngelun, panjaaang
teh. Siga-siga nu hayang ditutur-tutur.
Edas
da, datang deui ide ka tilu, nyaeta mulungan daun katapang, diabringkeun
sina nutur-nutur
tapas ruhay. Asa resep nenjokeunnana, siga armada perang karajaan
Banten baheula, ceuk beja eta oge, tuluy ku uing di cipta-cipta, asa waas
teh.
Nyaan
da Astana Dalem mah atuh, bubuhan uing mah can dikariakeun meureun harita
teh, Eta da ujug-ujug resep mulungan kalapa jenggi nu geus marurag, padahal
ceunah mun nu geus dikariakeun mah sok diheureuyan ku jurig kalajenggi. Tapi
keur uing jadi ide, tuluy kalapa jenggi teh dijieun kongkorong, talina tina
rapia bae, eta oge meunang maok tina pager kebon Ki Ihan. Sanggeus kitu
neangan harupat ti beh kulon, keur pepedangannana, lah da ari rap teh
dudukuy, meuni asa jadi tentara.
Mun
geus saged, abringan kapal perang teh ditutur-tutur bari ngawih lagu ‘Aku
Seorang Kapiten’ tea nu tuluyanana mah sabulang-bentor, bubuhan bisana oge
meunang tuturut munding ka si Teteh. Bari ngawih teh leumpang digaya-gaya,
dicipta-cipta jadi kapiten tea. Sakapeung pedang harupat teh di angkat bari
ngagorowok, siga nu keur mimpin pasukan.
Beak
walungan Ciputri, nyambung ka walungan Cilalaki, caina rada coklat, loba
taneuh nu milu palid ti girang meureun, jaba loba rungga deuih, da harupat
oge mindeng potong mun nyuay-nyuaykeun rungga di Cilalaki mah. Lian ti kitu
teh, panas, carang pisan tatangkalan, pungkal-pengkol deuih, ah, sok hoream
teh nutur-nuturna sakapeung mah.
Belah wetanna aya curug leutik, da rarasaan teh aya bahaya atuh, uing
sok gogorowokan mere tangara, bisi parahu tapas kelebuh, mun kelebuh pan
pareum, pes we euweuh haseupan, pan teu rame, terus we hoream. Mun parahu
tapas salamet, uing sok ajrag-ajragan bari neruskeun nutur-nutur abringan
armada parahu tapas nepi ka Situ Panganten.
Ari
di Situ Panganten, lambakna bangor, sok neumbrag parahu tapas. Matak tara
lila di Situ Panganten teh, padu tepi bae, da mun parahu geus tepi mah sok
ngadadak jadi teu purun
lila-lila, parahu tapasna oge sok kalah pareum, sigana sarua hoream
neruskeun, meureun sarua, padu tepi ka situ panganten, ka dituna mah palid
bari pareum, atawa kelebuh, da dieundeuk-eundeuk ku lambak nu rada galak.
Ngan
teuing naon atuh sababna, ti saprak Aom Keli maot, anu ceuk kolot-kolot mah
ceunah gara-gara gancet waktu keur bobogohan jeung Ceu Entik di Astana Dalem.
Ceu Entik, nu sakolana teuing di universitas nanahaon atuh di Jakartana teh,
nu kabeneran keur pere, aya di lembur teh
ngadon gancet, ceunah. Ah, teu ngalalarti, jol guncat-gancet sagala,
da sakanyaho uing mah harita, basa rek nunutur armada tea, Aom Keli jeung
Ceu Entik teh menta belut ka uing, tuluy mere duit, nya bungah atuh, aya nu
rek botram butuh deungeun sangu, aya belut, heg dibeuli, pan bisa jajan, pan
di kalereun Situ Panganten teh loba warung, apanan siga kapiten the, ari
boga duit maratus mah. Ah teu ngarti, nyaan, ujug-ujug aya sakadang gancet
sagala, pira oge botram, deungeunana jeung belut, piraku sakadang gancet
hayangeun.
Terus,
lamun sakadang gancet teh galak, naha geuning tara nanaon ka uing, Nyaan da
can kungsi manggihan tah sakadang gancet teh, rek di Astana Dalem, rek di
walungan Ciputri, rek di Walungan Cilalaki, atawa di situ panganten oge, mun
bancet, di sawah oge loba. Jeung anehna naha Aom Keli jeung Ceu Entik bisa
eleh ku si gancet. Kitu pikiran uing harita.
Ngan
teuing kunaon, naha uing jadi teu meunang ulin deui di Astana Dalem? Da uing
mah teu sieun ku si Gancet, pan uing mah boga pedang harupat, dibabuk bae
mun ngaheureuyan mah, Atawa di baledog ku kalapa jenggi, pasti sieunneun,
pikir teh. Jeung lamun enya sakadang Gancet nu maehan Aom Keli jeung Ceu
Entik, naha Dalem sawidak jeung Singa jiriman Sembah Dalem Singaparna nu
ngageugeuh Astana Dalem euweuh ketak. Ah meureun bohong sigana eta beja teh.
Bohong sawareh atawa, kitu nu kaharti ku uing.
Ngan
angger bae, Si Ema nyarek uing ulin ka Astana Dalem, ceunah komo ka Situ
Panganten mah, ulah, pajarkeun teh bisi aya jurig kalajenggi nu hayangeun
nginum, nu sok lunta ti Astana Dalem muru Situ Panganten mapay-mapay
Cilalaki, Aneh, sakitu jenggina oge ku uing sok dipulungan, jaba uing mah
pan can dikariakeun ieuh. Jeung aneh naha tara garelut eta Kalajenggi,
Sakadang Gancet jeung Dalem Sawidak katut singa kajajaden teh.
Kabehdieunakeun,
uing jadi embung dikariakeun, ngahaja be mere tanjakan, jiga nu ngarti bae,
uing teh menta hayang ulin heula ka astana dalem, tuluy hayang mulung kalapa
jenggi, tuluy neang harupat keur pepedangan, tuluy biasa bae nyieun abringan
armada parahu tina tapas ruhay jeung daun katapang, tuluy hayang pawey
mapay-mapay walungan Ciputri jeung Cilalaki, tuluy hayang nyarekan lambak nu
galak di situ panganten. Tuluy we hayang dikariakeun teh.
***
Kiwari,
sanggeus uing boga pagawean nu maneuh, sanggeus indung uing nanagih
piminantueun, sanggeus leuwih ti dua puluh taun uing teu nincak-nincak deui
Astana Dalem, asa kadenge ti saban juru Astana, tangkal caringin nu
jaranggotan ngaheabkeun hawa keueung. Tina sela dangdaunan panonpoe kumejot
hayang nguyab taneuh saab. Angin sawah tingsariak, ngangajak ngurek deui ka
uing. Belah wetanneun Astana Dalem, tangkal nangka walanda ngabibita jiga nu
hayang dipaok deui ku uing. Uing nangtung bari ngimpleng leuwih anteng. Ret
ka belah kenca aya keneh tangkal kalapa jenggi oge, ngan geus euweuh nu
ngarumat, walungan Ciputri masih keneh angger loba batu rarentul, ngan caina
jadi kotor, ceunah di beh girangna geus jadi kota, malah geus aya pabrik
sagala. Cilalaki oge ayeuna mah geus dikepung ku lembur, rame ceunah, sedeng
Situ Panganten nu lambakna rada galak,
geus jadi objek wisata, loba nu dagang, loba turis, loba parahu
paranti nu arulin lalayaran, parahu nu ide-na ti uing, ti dieu ti Astana
Dalem, tina belut, tina kalapa jenggi, ti seorang kapiten nu kiwari geus
dikariakeun.
Ngan
teuing kunaon, Astana Dalem pangulinan teh karasana jadi geueuman. Inget
deui kana carita Dalem Sawidak jeung Singana, Ayeuna mah uing teh jadi
ngarasa keueung. Puriding teh bulu punduk narangtung siga nu dikomando. Uing
neuteup ka sakuriling astana, tuluy diuk dina batu neger-neger karep. Ras
inget ka ka Situ Panganten. Teu karasa kuring ujug-ujug nyawang mangsa
katukang, katempo abringan daun katapang jeung tapas ngebul jiga nu
ngahiap-hiap. Kadenge keneh lagu ‘Aku Seorang Kapiten’ hawar-hawar, Ngan
aneh haseup nu ngelun tina tapas teh bet muru ka lebah uing, beuki lila
beuki deukeut, beuki deukeut, beuki deukeut, gebeg! Uing ngarenjag tuluy
Istighfar, ret kana batu nu didiukan, puriding teh bulu punduk nyasaak hate,
kabaca dina batu teh aya tulisan, tetela nu didiukan teh tetengger Aom Keli,
nu dua puluh taun kalarung meuli belut meunang meuleum ka uing. Ras inget
deui ka sakadang gancet, naudzubillahimindzalik. ***
Singaparna,
2002-2003