Make your own free website on Tripod.com

                                       klik mail to: sarabunis@indo.net.id

Menu puisi Sunda
Menu puisi berbahasa Indonesia
Arsip  puisi berbahasa Indonesia

 

Arsip Sajak Sunda Sarabunis Mubarok

 

CEURIK TI MASIGIT

 

Angin peuting dipapag daun kasungka

mirig jerit surili jeung rahuh dederuk

tungtung boeh kakoreh ramo harendong

meangkeun taneuh, nu rada baseuh.

 

Handapeun lampit, gerendeng teh beuki deukeut

kalangkangna atra, diponconghok beugeut oncor

tina lalangit harewosna hawar-hawar

katiir ceurik, kaborogod wates peuting.

 

Lebah golodog, nu nyuuh teh ngabangingik

sajadahna malih warna jadi nyacas

dareudana aprak-aprakan numpak pasaran

mapay jalan satapak, mawa beja ti akherat:

Isukan dunya sakarat.

 

Ciamis, 1998.


 

CARÉCÉT KAYAS

 

Handapeun tangkal bungbulang anjeun anteng ngundeur angin

lir Batari Hiyang nyuaikeun karembong cinta

rek nyipta pulo nu suni tina tungtung bulu mata

geuning nu ngagaleng na taar anjeun teh kalangkang kuring

kalangkang pamungkas basa paanggang na mega

basa kuring jeung anjeun anyar pasini

rek tepung di saung urang sisi basisir talaga.

 

Handapeun tangkal bungbulang anjeun geus reureuh ngahuma

ngaliwatan dua usum basa kuring niir wanci

ngabebenah potret anjeun nu mangkak dina jajantung

tuluy ngahaleuangkeun impian marengan kalakay bitung

ngiuhan na imut anjeun diangklungan cangkurileung

sugan kahareup mah teu manggih pucuk ti girang.

 

Ciamis, 1998.


 

TARATE

(Sinom)

 

Ilikan lambak talaga

mupujukeun hate kuring

babakan simpay kanyaah

nalikung ramo jariji

rek ngaworkeun kaasih

kasieup ku pucuk ibun

sirungan di pajuaran

ngabageakeun pasini

deudeuh akang lain ngan satapak peucang.

 

Lengkah kedah sawirahma

nyungsi diri masing lantip

pan sagara rumah tangga

leber keukeumbing karisi

sanajan ceurik getih

anjeun moal janten gambuh

sarewu lambaran dunga

kanggo nyai nu solasih

ieu akang nyanggeman tresna salira.

 

Tasik, 1998


 

BEJA TI KALAKAY

 

Suku gunung tiporos ka biwir lamping

patarema jeung mega nu ngarandakah

kasieup layung nu mapag poekna peuting

nu ngalangkang di buruan ese mata

pawinian pelak cinta, pelakna keclak cimata

 

Lebah bilik, aya nu gegerendengan

mulas rasa nu raheut kakeset hinis

ngaping diri nu ngijih hujan doraka

majar hirup teh ngan dipirig kacapi

ngahariring hawar-hawar ngagentra boeh jeung padung

 

Ti tas angin ngaranjah lodong kakeueung

nu nangtung teh ngadeukeutan neuteup enteung

kalangkangna ngajirim jadi calacah

ngeteyep mapay alketip, tuluy rubuh adug songkol

ngaleungit bareng jeung seungit malati

pipir langit lebah dapuran tetengger

 

Tukangeun curug nu dikurubun teh sasadu

hahampuraan ka batu nu nyangirah ngaler

cimatana nguyumbang metik cantigi

tuluy ngaharewos ka tiap hate nu nyaring

“Geura balik dulur, isuk aya samagaha !”

 

Ciamis, 1998.


 

NYEGRUK KU SAJAK SORANGAN

:Deden Abdul Azis

 

Mun peuting mah ceunah hate teh sok balas bogo

ceurik lebah paseuk lampit nu kirayna karahaan ku cimata

Bongan sajak nu dipiguraan kalah bulukan

kapopohokeun kokoprak nu carindakdak

 

Ngan di Karanggedang sajak teh bet jadi gundam

ngimpi nyai titirah lebah sajak kalarung

nu padalisanna opat-opat ngarandakah

mairan imut salira, nyaosan cinta nu kawengku simpay jariji

 

Mangsa hate diangkir lamunan anjeun

cimata teh nyaliara na babancik

sabab panto, jandela, lalangit, katut suhunan

kabeh nepungan anjeun nu mucicid ku sajak

nu di imah kuring mah kalah bulukan

 

Teu sangka, geuning peuntaseun buruan hate

anjeun nyulam sajak kuring jadi amparan kaheman

nu teu laas ku dareuda.

 

Ciamis, 1998.


 

ALBEUM, 1

 

Tina sorot soca anjeun,

lalakon nyungsi pirang-pirang lamunan

nu saab hawa katresna

 

Ciciren ngantet ti lebah kaler

lambey anjeun nu kareueut

meuntaskeun harewos nu keupat mawa kamelang

dina lambaran surat nu kiwari geus karancang.

 

Wakca anjeun mepende papangge hate

ngarakrak reueuk nu minuhan rahuh kulawu

tilu cemped bilik hinis nguyumbang

kasimbeuh ibun nu nyangkrung di tepas wetan

 

Lebah pucuk rasamala nu galing muntang

kereteg mapay regang barungsinang

muru kalimah nu teu elat kagunamkeun

tina salikur kaca lambaran lalakon urang

 

Ciamis, 1998.

 

 

ALBEUM, 2

 

Cumalimba ngan neang sintung timburu

tina sesa rembesan cisoca anjeun

nu ngambang na rasa cinta

ngagentraan puhu angen nu inggeung

ngagonjak lolongkrang simpay rumasa.

 

Geter kadua mawa sugan jeung upama

hiji-hiji ngawincik gurat kanyaah

sawareh nyawang sedong-sedong bogoh

nu lianna ngabebetah rohangan tengah

tina implengan jatukrami jeung salira.

 

Geulis, lebah mana simpe teh nu teu mepende

lingkung kurudung nu hibar dipipir-pipir pasini

pan ayeuna tilu wanci sineger na balandongan

handapeun kalakay janur nu ngajirim pasanggiri

antara kuring jeung anjeun nu nyanding

lebah kalangkang lamunan urang.

 

Geulis, kaca pamungkas lalakon urang

geus kailo ku rasa sono

nu kiwari minuhan kasieup rangkulan anjeun.

 

Ciamis, 1998.


 

HEULANG  NA  PASARAN

    -Ceurik 12 Mei

 

Pucuk camara kerep girimkeun haréwos

gurilap ibun mapagkeun datangna poé

ngalebur sakabeh gunung nu pangeusina laleungitan

nyésakeun hate nu geus cawérang, nyecep

ngan teuteup anjeun, Nyai, masih kénéh tinggarantung

dina tungtung pélor nu ngahéphép lebah walikat

lir cicika kabeurangan, kaheurap ku ramat lancah.

 

Meureun sawed téh ragrag na kotakan sawah

da sapoé jeput dareuda bet ngarangrangan

boa, ayeuna rek manggihan dangdang gula

bongan hariring leupas marengan cimata.

 

Mapay tiap lambak méga

manggih rambut katumbiri

meulah langit nu kuciwa

aya anjeun, Nyai, nyieuhkeun angin

ngaropéa matapoé rék dijieun sasakala

da isuk kuring masih di dayeuh keneh

mawa peura nu robah jadi kalakay.

 

Tangtu, ayakan pinuh ku du’a

geura pelak lebah pasaran

sugan buahna kaala jaga

mun nu dina korsi goyang

geus ngageubra ngabaturan.

 

 

Ciamis, 1998

 

Cat:

Pangemut-ngemut Insiden 12 Mei 1998 di Kampus Univ. Trisakti Jakarta


 

 

ALAS KOODERS

   -Pipir Dayeuh Panjalu

 

Lambak situ lengkong meper guligahna rasa

karang endah dina taar katalimbeng ke umpalan cai

nu neumrag basisir kingkin

tina ranggon langlayangan nutug ibun

maseuhan pipi kiara na sela-sela daun huru jeung kondang.

 

Panjalu, gerentes kasengker waragad aheng

sasat dunya diwengku hoe jeung tepus

palebah dahan kileho loba supa ngarakacak

nyaksian bincurang langkap dirawelan kalong

dipirig galatik nu surak na pucuk bungur

 

Lebah wetan biwir rakit ngarengkuh seah kayambang

mastikeun tengtrem leuweung urang nu geus teu hieum

hawar-hawar harewos entreupna palebah dahan kihaji

“Nyaringkah !, nyaringkah !

  Ieu kula sesa dunya

  nu henteu jadi ririwa”

 

Ciamis, 1998

 


KALAKAY MALATI MUNING

 

Saha nu ngiclik gigireun pager

kuburan nu pinuh ku daging atah

bilatungan

humaregung dipayang ku hileud taneuh

jeung simeut batu

euweuh nu ngurunyung.

 

Luhureun sepur aya nu ngabelegbeg

neuteup seukeut keureutan beungeut

nu nyecep, nurihan poekna peuting

ngintip hiliwir angin panggeuing

ngadalingding seungit tanjung

humaregung.

 

Ret kalebah dahan cantigi

reungit ceurik

beakeun getih

sabab nu geulis teh geus koneas

dipingit ku taneuh beureum

dikembangan

dipiguraan

diaksaraan

            “Wafat,

              Jumaah Kaliwon

              6 Maret 1998”

 

Singaparna, 1998.


 

TEPANG DEUI DI INTERNET

    Keur : Rossy Alicia

 

Rerencepan mairan imut salira

nutuh sirung-sirung tunduh

ngarambet simpe, nu miis lebah kulincir

aya ku isin Elis, kalangkang teh sisirangan

 

Tulak dunya ngadadak lalayu sekar

surat buhun kalentab ginggiap untap

sausap aksara nyuai-nyuai layar kaca

“ Why do you never come to meet my heart”

lain Elis, lain kuring teu malire

tapi engke, mun Yu Es E geus henteu loba lalangse

 

Peuting ieu cangkurileung ngan bisa kakarayapan

purah neang potret anjeun dina pigura kaheman

dipitaan ku undak-usuk dareuda

haneut keneh ramo urang patarema

di jomantara Karapitan jeung Virginia.

 

Bandung, 1998.


 

 

PATEPANG DINA INTERNET

    Keur : Rossy Alicia

 

Hate karasa bulucun

ngaprak-ngaprak paranje simpe

paciwit-ciwit lutung jeung layung

saentragan surat-surat elektronik ngabangingik

diwuluku sacangking hateup kadeudeuh

kapanah semah ti wetan

 

kabengbat soca biru cureuleuk

kagupay ku rambut kelir emas

pangambung bangir nuyun sawidak kahayang

Naha atuh salira teh, bet ngadilak angen-angen

 

“I like you too”

aweuhan ti Virginia ngabentaran layar kaca

malidkeun kembang pamelet ti kuloneun jalan cagak

keur anjeun Elis,

saturuy kalakay rasa ti girang alas kadaka

 

Ti harita, surat-surat sirungan di parapatan.

 

Bandung, 1998.

 


 

MOJANG TASIK

(Kinanti)

 

Sarangenge tengah tuwuh

moyankeun rambut nu galing

angkeut geugeut ngagentraan

hate nu pahatu lalis

imut ngagembang jajaka.

 

Diraksukan pangaweruh

anggoan istri pinilih

hayang teuing rek balaka

kawasna anjeunge surti

sok sieun ambon sorangan

malati kapipir-pipir.

 

Tasik, 1998

 


 

CARULUK CANGKALENG NGORA

(Mijil)

 

Sabab hirup sacangkeng jeung pati

kalangkangna maot

geuwat-geuwat tanjeurkeun taraje

ngambah kahirupan nu mustari

sing inget nya diri

bakal jadi tunggul

 

Mangsa kalakay ngagupay diri

teu bisa ngarengkog

watang umur nyaosan papasten

ngeundeuk-ngeundeuk mumuncangan werit

sakpeung ngajerit

sakujur dipanggul

 

meungpeung hirup urang sing tarapti

rorisan parabot

pacul galeng katengtreman hate

singkahkeun waragad dina diri

miang ka nagari

nyusul curug umur

 

Tasik, 1998


 

GONDEWA PIAS

 

Tarucing peuting, ngintip sasakala jaman

nyontang nyawa babarayaan jeung dosa

lima ramo nilep-nilep jungkrang kadar

nu ngalangkang na jamparing umur urang.

 

Nyuhun hulu ngan ukur tepung jeung gunung

pananggeuhan susuleun lahar naraka

ngarengkenek, ngaleng meredongna lengkob

duk dek ngaheurinan galura

anu nyesa dina humandeuar du’a .

 

Lima puluh salapan jamparing mangsana bulan alaeun

rek dibuat ngarit langit geusan minuhan saleuit

sanajan gondewa pegat mijah ti sagara tobat nu tujuh poe kaliwat

manusa mah kalah rosa ngabancak ngorangan setan

poho balik, poho ceurik, poho obor geus reup-reupan .

 

Tasik, 1998.

 

 

 

SAGARA CIENTEH PANAS

    -Haturan Kang Godi Suwarna

 

Dangding nu ngawih na puhu ceuli

malidkeun budah ka tungtung letah 

nu karahaan,

Pancakaki jeung langit ngajirim burit

ngahudangkeun layung

nu nyumput lebah katapang.

 

Di tampian cibeas geus ngalembereh

mapay walikat

muru puseur kota carangka

sasesana mindah rupa jadi kurawa

ngacak-ngacak pangacian,

dina wangkongan anyar

Astana Pelak Jelema”.

 

Beuki peuting, hate teh bet kahuruan

silalatuna ngaranjah eunteung kakeueung

tidinya, cimata budal

rawah-riwih nyeuseup kapeurih

 

Lalampahan henteu kebat

mireungeuh remis janari

ngadingding kelir kasedih

mecak kakuatan iman, nu ngulampreng

dina sesengkedan hate

 

Mangsa weker rurusuhan gudag datangna balebat

lalakon nyesakeun kuntung roko,

nu leungiteun haseup.

 

Ciamis, 1998

 

 

VOLKS WAGEN

- Bangkong Korodok

Karasa peuheur,

tikoro kapentok endog sapotong

nu nyelegon na imut anjeun.

 

Karasa era,

kiceup anjeun ngeleketek urat hate

nyungkun ruruntuk rungkun kucubung

nu ngaringkang ngahalangan kaca-kaca

 

Karasa hayang,

tepung na implengan sewang-sewang

lebah dapuran tamiang

ngadadak, kayambang teh ngabaranyay

kacaangan supa lumar.

 

Karasa tresna,

cikaracak nyaweran uga kacinta

maseuhan pucuk kadeudeuh

ngarakrak geutah kanyaah

 

Karasa peurih,

nu ginding nyanding kahiji

moekan kasieup ati

 

Hanjakal,

sinoman enggeus lekasan

ngaguratkeun kedalna sasag parakan

nu jibreg kesang kalangkang

dina padalisan sajak cimata.

 

Nalangsa,

jodo, kaleot ku walang kopo.

 

Ciamis, 1998.


 

WAKCA ARJUNA

    -Keur : N’nie

 

Nu ngadeg teh geuning paguron kinanti

gumuruh ngawawaas lengkah rasa

muru ibun tees ngaheurinan langit

nyorang lamping rek mastikeun

pajuaran geus lain ukur nu anjeun.

 

Cikeneh, surat-surat meberkeun jangjang carita

masang engang padalisan sajak urang

nyulam kalimah pibekeleun lalayaran

di basisir pasini nu pinuh ku katumbiri

kelir urang ruatan amisna cinta.

 

Pan ayeuna mangsa ngabedah sagara

mulung gundam mapay jagat lebah ngulumbrukna kalbu

sora-sora nu kasungsi wirahma suling kaasih

kabancang rasa nyipta kolebat cimata

nu kiwari matungkeunkeun kalangkang urang.

 

Ciamis, 1998.


 

TALIKUNG KALBU

 

Sieun wakca kedal meneran sareupna

diamprok-amprok ku alok, sugan salira balaka

embung teuing kembang puring ngarangrangan niat kuring

geura sumping Eulis,

diantos di lamping risi, kalangkang jampana rasa

ngarah akang henteu ngimpi ngundeur metikan karémpan.

 

Congo jodo geuning ngaputan implengan

ngantét-ngantét pangharepan nu ririakan na dada

punten Eulis, saupami talikung téh nyangcang ramisak salira

ambéh isuk, tanjakan henteu jadi liliwatan cimata

da tampian lébér ku tutunggulan dareuda

 

Nu ngutruk emun-emunan tuntas ngarékétkeun simpé

rebun-rebun kembang sare ngarémpak talaga ibun

ngaguar sobrah kanyaah nu naun manjara haté

mancala raja sapoe dikéngkén welasan emban siloka.

 

Tasik, 1998.


 

SITU PANGANTEN

 

Kihujan marengan teesna ibun

nyukcruk galur parahu

di Cilalaki, nu caah kesang Galunggung

ngitung tatu nu lukutan

kawengku halimun nguyung.

 

Lebah ranca hate jadi marojengja

moro layon nu masekon

meneran kongkolak panon

nguniang metik samoja

dina peupeuteuyan peuting

ngan edas, nu euntreup teh bulu punduk

nu masih lelengkahhalu.

 

Biwir cai geus ngondang pucuk karuhun

Sembah Dalem Singaparna

nu ngancik waruga kembang kamelang

marajian kecap nu samatawayang

rebo ku karembong kingkilaban.

 

Janari, rakit teh geus lalayaran

lambak robah jadi motah

ngaheurinan karamba panyancang rasa

curug muru regang Cikupang

nu leungiteung carita

bareng jeung lesotna camara.

 

Tasikmalaya, 1998.


 

SAMAGAHA MUNGGARAN

 

Simpay harupat ngarekeskeun jangji urang

waktu jajangkung miteskeun peuting

dina goah nu pinuh losinan surat katineung

nyingraykeun tegér hate nu ngait handapeun halis

 

Imut anjeun perewis na pipi kenca

sesa ragab ngusapan rambut salira

campaka mangkak jadi rumaja

mawa pasemon ngagembang lalangit cinta

 

Junjunan, sangkehan teh bet pageuh nyancang kageugeut

mulas raray euceuy, kakeclakan ku parada

nutu bendu nu ngancik kikitir kalbu

ngaraksa carita urang duaan

poe ieu samagaha geus lekasan.

 

Ciamis, 1998.


 

KULAMBU BUNGUR

 

Lambak talaga teh geuning lambak anjeun

sesa hate nu teu tengtrem

dina leunjeuran haur karempan

cireumis maseuhan pipi katineung.

 

Kiwari, lambak talaga geus jadi lambak urang

meuntaskeun kalakay cinta ka tungtung lelembutan

palebah tepus karingrang nu nangtawing

dina gawir-gawir kaasih.

 

Isuk, mun talaga seah ku hujan cimata

kuring rek ngiuhan handapeun hanirung urang

nepungan kalangkang anjeun.

 

Ciamis, 1998.


 

GENEP TAUN GEUS LEKASAN

 

Genep taun geus lekasan

aya sajarah nu ngait keukeumbing ati

nalika urang nyungsi pirang-pirang panineungan

rohangan nu pinuh kaendahan hate,

guru-guru urang nu ngaping salaksa cinta

maseuhan pikiran ku sagala kahemanan

reueus nu ngancik sagara sieup,

marengan genep wanci nu jadi saksi.

 

Genep taun geus lekasan

Sarewu rumasa nangtawing lebah gawir cimata

pangaweruh nu rebo maseuhan raga

pirang-pirang sukur nu teu kacatur

nguyumbang, mapay-mapay pangacian.

 

Genep taun geus lekasan

Sakur dulur saentragan,

kur ninggalkeun panineungan

sagala lampah nu teu kawengku

carita Si Deni Si Bentang kelas,

Si Nana jago maen bal, Si Uning biduan cilik

kitu deui Si Icih nu cerewed

Si Adul nu epes meer, Si Emod nu borangan

mapaesan endahna genep taun

nu kiwari geus lekasan

 

Genep taun geus lekasan

geus waktuna nyusul lanceuk

di paguron nu leuwih luhur

nyiar pangabisa keur nanjeurkeun

tiap tepus angen-angen.

 

Genep taun geus lekasan

adi-adi nu dipimeumeut,

tuturkeun tapak hade lanceuk hidep

poma ulah kumawani nyiar lampah nu teu bener

bisi jadi kabalinger

hanjakalna datang jaga,

pama hidep ninggalkeun ieu sakola

nu kacida dipicinta.

 

 

Genep taun geus lekasan

kiwari na implengan sewang-sewang

ngajurung lengkah, muru tepas pangharepan

pikeun nyorang sagara kahirupan

nu manteng na tiap regang lelembutan.

 

Pileuleuyean guru guru anu jumhur

ieu kuring genep taun nyoceng umur

ngan ukur ngagulidagkeun dareuda

tina lampah kuring nu rosa

pileuleuyean adi-adi nu balageur

pileuleuyan dulur-dulur sadayana

pileuleuyean sakola nu dipicinta

harepan teh mugia sadaya bagja

neda pidua ti sadayana

kuring sadulur-dulur seja undur

rek miang ka janapria

jaga mun elmu masekon, kuring rek ngalalakon

lampah ti dapuran haur tepi ka dapuran beton.

 

pileuleuyan-pileuleuyan sapu nyere pegat simpay

pileuleuyan-pileuleuyan

ayeuna paturay

jaga pasti patepang deui.

 

Ciamis, 1998.


 

 

KASAKTEN

 

langit geuneuk, ngeueumkeun reueuk

getih lalaki na perah bedog

jadi rawayan ka alam jaga

raspati nu pilih tanding

serahbongkokan ku hiji kecap balaka

 

najan pacikrak geus jeneng heulang

seuneu cinta ngempur dina hate

nu paheut rek nyampeur nyawa

lebah pasini nu ngadodoho

rewuan jampe pamake kudu gimir

ku hiji kecap satia

 

najan cacap nawu sagara

nandonkeun jiwa pikeun ngaruat cimata

ngaburak barik ambekan

nu tatu dicacag rasa kanyaah

lalaki digjaya,

kudu perlaya ku hiji kecap duriat.

 

1999-2001


 

SAJAK KEUR LILIS

 

1

 

ibun ngabudah jadi harewos

ngajirim jadi girimis

nanceb meneran hate

nu kaeurad ku pasini

sanggeus anjeun ngababakan

di alas metropolitan

 

hujan deui

kuring ngiuhan lebah kasono nu ngabobodo

 

2

 

gurilap cihujan na daun awi

cacap nyuaikeun lamunan

 

sataun katukang, anjeun ngirim lambey ipis

waktu kuring pasea jeung jadwal kareata api

ngan kalangkang anjeun pasuliwer na bahasi

sanggeus hate pahatulalis, sanggeus gincu baranang

jadi kalangkang nu ngalanglayung

 

kuring gudawang, jibreg cimata sarasa nanah

anjeun nyongcolang, pinuh wedak sawarna geutah

 

pageto,

arek ngimpi nyeuweu deudeuh

najan anjeun geus di dayeuh.

 

1999-2001


 

BULU TUUR

 

bulu tuur aya anu jadi raja

ngababakan nincakan galeng nu urang

 

bulu tuur anu jadi konglomerat

ngabibita, ninitah urang malarat

 

bulu tuur aya nu jadi ilmuwan

sok ngacacang yungkal mamala

 

bulu tuur aya nu jadi biduan

ngahaleuang ngadoreksakeun implengan

 

bulu tuur di kota mah model iklan

pamer orat, pelet-pelet cangkeng jagat

 

bulu tuur anu jadi pengacara

mun sidang sok ngahalalkeun sagala cara

 

bulu tuur aya nu jadi kiai

sok ngaji komo mun loba nu muji

 

bulu tuur jadi TNI jeung Polri

mawa bedil wawanen sagede kutil

 

bulu tuur sawareh nulis puisi

asa tenar padahal sajakna hiji

 

bulu tuur loba nu jaradi haji

salah jalan kalahkah indit ka Turki

 

bulu tuur anu jadi mahasiswa

ahli demo ari kuliah di DO

 

bulu tuur loba oge jadi guru

hanjakalna resep pisan dagang buku

 

bulu tuur loba nu jadi wartawan

sok ngalabring padahal teu boga koran

 

bulu tuur sawareh jadi pelukis

nu digambar antara dada jeung bitis

 

bulu tuur nu jadi pagawe nagri

di kantor saribuk gapleh jeung remi

 

bulu tuur kiwari jaradi santri

eta ngaji ngadon mawa novel Fredy

 

bulu tuur anu jadi mujahidin

jaranggotan mawa pedang tapi egang

 

bulu tuur aya anu jadi sinden

mun parawan sok jadi kabogoh dalang

 

bulu tuur aya anu jadi dalang

diburuhan keur ngagarap karusuhan

 

bulu tuur lolobana pangangguran

bulu tuur nu jenius

bulu tuur nu…….

 

bulu tuur, bulu tuur

euweuh nu wani nandingan

sanajan si kumis baplang

 

padahala mah

moal aya bulu tuur mun euweuh tuuran

 

1998-2001

 


 

ARCA MANIK

 

mulung indung na selokan

dikabayaan na raramean

ditanggap seuna ngigelan

sora kendang kulit macan

 

ngomean indung ku jarum pentul

meh jadi parawan unggul

tuluy pada ngagul-ngagul

bari silih rampa bujur

 

nyumputkeun indung di goah tengah

pedah era ku semah nu gagah

kasedek ku rasa wegah

sieun kaleungitan sembah

 

leungiteun indung dina babancik

najan neangan bari ngarenghik

dunya jadi heurin usik

supata geus ngajirim arca manik

 

1999-2001

 

 


 

PAPASTEN

 

katiga nyimbutan simpe

sanggeus ibun jadi cimata

ngalangkangan na pasaran

di rogahala ku padung

ku umur nu ditalikung

 

hujan masih mirig wanci

hawa ngababatang dina tulang

ceurik getih teu bisa nundung kaduhung

digjaya teu bisa nolak papasten

 

paeh bakal, bakal paeh.

 

1998-2001


 

KADUHUNG

 

gurat peuting ngahiap-hiap implengan hiji lalaki

nu hatena bacacar ku rupaning rasa karempan

handapeun imah ngalayah rewuan beja nu haliwu

maragatkeun titis tulis sasesa jemplingna peuting

 

basa wiwaha cacap jadi kaputusan

getih wungu rembes kana saban wiru boeh

tuluy nyegruk bari nyambat-nyambat bentang

rewuan sajak teu bisa nyaosan dosa

nu ngagulung na palupuh

teuing sabaraha shalat nu ditoker

ku hoream jeung teu purun

teuing sabaraha leuit dua nu dibeuli

ku kaera jeung kaembung

kiwari kaduhung tees maseuhan paesan

hayang mulang ka alam tukang rek ngarawu

malati ku sesa ambekan nu mo bisa ditedunan

 

hirup muru alam kubur, paeh bakal kaalaman!

 

1998-2001

 


 

NGARUAT ISTIGHFAR

 

angin ngawih,

raga bungur ka getih-getihna

halimun meujeuh kulawu

geus sausum balati nanceb na dada

 

najan rempan salingkung rasa kaasih

kuring teu bisa ngulampreng

sabab nyawa pasea reujeung papasten

rek merod-merod umur

nu mucuk lebah pasaran

 

kuring baseuh ku paneuteup

congo-congo daun tiwu naruk mangsa

naruk rasa, naruk dosa

 

nalangsa

hirup dibuat ngala saleuit

hinis ngeset ese mata

ngeset cinta, ngeset nyawa

 

pelor saha?

balati saha?

raga saha?

umur saha?

sedeng kuring keukeuh nyieuh-nyieuh

rakaat na sajadah nu can kungsi kashalatan

 

astagfirullahaladzim

eling keur mangsa rumingkang!

ulah hirup nyuai eurih!

ulah paeh nguyab getih!

 

2000

 


 

IPUH

 

Mumunggang lenglang, mangratus surili pating

juringkang, tatangkalan gulinggasahan, dalapanwelas

taun katukang. Kuring nyusu ka walungan, ngareka jiwa

na lambak cai nu tutunggulan, nyaksian jalma-jalma

haruisan nincak umur dua puluhan, ngaringkes jaman

keur budak, jadi padalisan sajak, jeung satumpuk

kalangkang hapeuk.

 

Bengkulu nu miskin, di Asia Tenggara nu garing.

Hawa poena lewih bulao batan sorot panon wanoja

primitif. Dayeuh-dayeuh jadi kalangkang endah na cai

kiruh. Lebah dieu, jalma-jalma ngusir bagong bari nembang

kosidahan. Leuweung-leuweung aweh salam bari ngirim

gorombolan hama ka saban huma. Ngan kuring, kalah

mucuk lewih subur batan supa na sesekelan pangpung

kai, bari ngurung karudet nu kapalidkeun hujan

ka biwir-biwir sagara.

 

Ieu lembur nu singkur teh, kiwari nyingsieunan kahirupan

jalma-jalma nu bubuara. Kebon-kebon kopi jeung cengkeh

moconghok harga diri ku lambaran duit recehan. Usum

halodo jadi hiji-hijina ririwa, sagalana geus diungsikeun

ka tanah jawa, ka saban ceuli jalma-jalma, katut ka kuring

nu misono leuweung jeung babasaanana

 

Ipuh, ieu lembur nu pireu teh angger bae hiji katineung.

Kuring ngan bisa ngira-ngira, yen alam budak lewih endah

batan sajak. Rusiah buah arben jeung kajadian ngerakeun

ngeunaan hileud-hileud bangkawarah, geuning lewih

anteb hartina batan jempingna peuting. Kuring hayang

terus ngira-ngira, sabab nu geus pasti teu hayang ieuh

kuring neangna.

 

2002.


 

SAMAGAHA  

 

kuring mangprung

marengan impian nu tingserepet

pareng tungtung lembur suni

lebah wates dayeuh sanget

basa batu ngawirid keusik

basa keusik ngawuruk lebu

kabeh kulawu

kabeh katipu

 

katineung beureum

hariring na rungkun getih

na pelak umur nu meh asak

kuring mindah rupa jadi hurang

ngojay bari luncat nyapit syahwat

lebah sirit nu kokoet

lebah mucicidna ibing cinta

nu meumeujeuhna

 

mangsa rumaja

mangsa rumaja

pecut kuring di pangbuian

kuring goong handaruan

nyeuweu hirup nu nagarangrangan

nu ngarayap rek nepungan panonpoe

nembang kawih nu teu kungsi kapalire

 

kiwari kuring ngumbara

lebah umur nu nitah tibra

jadi bedil

kecap pelorna

rek ngeker diri sorangan

neureuy buleud mangsa katukang

neang jalan panglewangna

panimburuan  jalma-jalma

 

2003.


 

 

SAJAK PEPEGATAN

 

"geura, tong sering teuing titirah, matak ge!"

ceuk anjeun basa na suhunan aya rarapen timburu

nu ngajirim silalatu kawas sajak nu nepungan

nini anteh ka bulan nu kabeurangan

 

"geura, bilih ngareunggeuy!"

ceuk anjeun kalah nyundutan ku heureuy

basa sorot mata kuring tingcarekes

dipiruha ku haur rasa cangcaya

basa gigir-gigir hate kacaahan minyak panas

nu digulidagkeun ti balong-balong pasini

 

"geura, piraku parna?"

ceuk anjeun basa ngirim seuri leutik

ka kuring nu digulung ku parepeh

pasedek-sedek jeung haseup deudeuh

mulek na kongkolak panon

salin jinis jadi bengsin

ngamalir ka kota nu kahuruan

 

"geura, landongan atuh ku obat merah!"

ceuk anjeun ngadon ngawur-ngawur pantun

sedeng kuring rurusuhan mautan ramat kasono

sangkan teu milu kaduruk ku ceuceub nu ngabebela

sabab cinta nu tiheula jadi parukuyan urang

kiwari ngagugudag nyungkun umur

ngudag-ngudag tamaha nu burakrakan

 

"geura, di suntik matak ge, atanapi di operasi!"

ceuk anjeun bet mencrongkeun kelir asih

nojo hate kuring nu parongpong pangeusina

ngan nyesakeun ruhak nu mo bisa sirungan

di kebon anjeun nu baheula ku kuring sok diropea

 

"geura, naha waka-waka damang?

ah, moal janten atuh ngalongokna."

ceuk anjeun itu geura.

 

2002-2003


 

NGALIEUKAN BUDAH LAUT

 

sora kacapi ngajomantara

sarebu cicika ngelunkeun haseup

bari nyambat-nyambat hujan

bari nembangkeun lagu kamelang

ciibun maseuhan kalakay kawas cimata

nu lawas gulinggasahan

 

aya katumbiri

ngirimkeun gurilap cahaya bulan

sawarna jeung gurat hate

sanggeus peuting leuwih panas

batan ngagedurna panonpoe

 

laut jadi sapisin

jalma-jalma ngariung ngagayem pelor

dina haleuang

dunga bet jadi mustajab

sedeng kuring anteng

nguseupan kanyaah indung

na walungan cisusu

nu ngembat sapanjang sajadah

nu mucicid teu kashalatan

 

ngalieukan budah laut

kuring sosonggeteun

nungguan deui rek diadzanan

 

2000-2002


 

 

NGUMBARA LAMPAR LEBAH SIMPE

 

jalma nu sarimbag jeung kuring

geus ngajanggelek jadi areng

basa kuring jadi kakayon

jalma-jalma nganggap suluh

 

kuring nyieun hawu dina leutak

usum hujan, nalika seuneu mahal kacida

aya gambar rosul Ibrohim dina jiwa

dina gehengna rasa cinta

di pangumbaraan

nu meuleum kahirupan

 

kuring meuleum menyan

keur nancebkeun eling

keur nyeungitkeun hirup

keur meresihan jemplingna pangumbaraan,

tempat papasten ngepung kuring saban ringkang

 

kiwari kuring ngagolak,

jiwa ngumbara lebah kecap sagurilap.

 

2002.


 

RAJAH BUBUKA SAJAK

 

Sampurasun,

Ieu kula rerehan ti Sukapura

Seuweu-siwi Dangiang Guru Galunggung

Rahyang Batara Sempakwaja

Kula seja ngahaturkeun sembah

Ka rerehan resi guru tatar Galuh

Kahatur Raja Resi Dewa Raja

Kahatur Gusti Wertikandayun Prabu Galuh

Kahatur Gusti Prabu Niskala Wastukancana

 

Haturan,

Kula amit seja nyajak

Pun sapun ka Batara Kuncung Putih

Gusti Batara Kawindu

Gusti Batara Wastuhayu

Gusti Batari Hyang

Amarga Sukapura selamna

Nyurup ageman Dalem Brajayudha

Kanjeng Sunan Sukakerta,

Kula seja ngahaturkeun:

ASSALAMU’ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH!

 

2002.


 

NGEUSIAN PASARAN

 

ngingimpi jolna kakasih

nuwuhkeun puluhan keris di saban pabukon

deuk kumaha ngagondewakeun hate

mun puisi geus salin jinis jadi paksi nu nanceban kakayon

kumaha teu rek ngagayem ruhak

mun paceklik di kebon basa matrikeun seuneu

ka gurat umur nu ngarayap

 

nu kapireng

papait teh indung tere keur guligah nu ngarandakah

na bet kudu nyilalatukeun haseup nu ngagugulung jentrena poe

basa indung kuring nembang

seukeut nyedek ka saban sajak

ka rasa timburu nu balatak

ke pangharepan nu mihak

ka anak-anak bulan

anak-anak kakeueung nu curinghak

disumputkeun lebah huap jeung gayem zikir-zikir kuring

 

marengan kitab-kitab sastra nu ngawuluku papasten

kuring nyipanonkeun peperedihan

ramalan orok sinis nu bakal ngarayap na tonggong kuring

getih nu mukakeun mitos tina angka 13 salasa pahing wedal kuring

tenung asmara

jimat-jimat jeung jampe-jampe

ku keuekeuh ngaanakwalungankeun sajak

ku keukeuh neunggeulan rasa guligah

nu ngembang tina kanyeri sumpah kuring

 

2003.


 

WIRU BOEH

 

ka biwir-biwir jandela

bet gumeclak cimata

tingkecewis nojos hate

ngagalindeng nyisit mangsa

ngaruat iman lebah tatapakan dunga

 

ninggalkeun jam

dina dada sagunclukan

hiji mangsa bakal neang

 

Menu puisi Sunda
Menu puisi berbahasa Indonesia
Arsip puisi berbahasa Indonesia